Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Lalakon Lutung Kasarung (17)

Lung... lung duit tina mobil atawa motor dialungkeun kana péci dununganna. "Anjing! Lain aing nu narima. Awak asa pasiksak, teu meunang reureuh. Kacamata hideung, laken, kedok, kadang momotoran kudu dipaké. Ongkoh deui cangkéng asa potong mun disakalikeun metotna. Nasib aing kudu ugal-igel mun pareng lampu stopan beureum," kitu gerentes haté Si Utun.
Loba nu seuri jeung keprok. "Uluh, meni lucu!" cenah. "Teu arapaleun aing mah ripuh. Unggal waktu kudu maceuh. Nénjo aing téh lucu cenah. Goblooog...!" haténa jumerit.
Kesel jeung nafsu awor. Aya niat hayang males. Sakali éwang sina ngigel. "Aing nu nakolan bonangna, manéhna nu kudu jadi dogérna," gerentesna. Reup peureum, mumuntang ka Hyang Agung. Utun tinekanan nu nyekelan ranté, si dunungan dipaksa sina nigel. Nang... néng... nong... nang... néng... nong! Gurawil... gurawil urut dununganna gugulitikan dina aspal panas.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013