Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Lalakon Lutung Kasarung (18)

"Liang atawa lawang téh rupa-rupa. Aya dina awak urang. Lalaki boga liang salapan siki. Awéwé mah dualas siki. Kadé, ulah salah harti mun uing nyarita kieu téh!" ceuk Abah Utun ka para muridna. Opat muridna unggut-unggutan. Ningali polah kitu, Abah Utun imut.
"Luang nu aya di urang, kabéh gé ngaliwatan liang. Ulum atawa élmu panemu geus méré béja yén urang kudu bisa ngaliangan kahirupan," terusna deui. "Teu acan kahartos, Bah. Uing bingung kénéh mikiran filsafat liang ieu," ceuk Roméo bari mencétan tarangna sorangan. Nu séjén ngaheueuhan. Geuwat Abah Utun ngajawab kalayan daria pisan.
"Kieu, barudak! Awéwé boga liang dualas téh hartina dina sataun aya dualas bulan. Salapan liang di lalaki ngandung harti yén jalma dikandung ku indung salila salapan bulan," ceuk Abah. "Aduh, leres geuning!" ceuk saréréa. Roméo bungah. Ucok olohok. Nana jeung Nani sareuri. Golosor nu limaan arasup kana liang waktu bihari.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013