Lar aya lutung sakti ngaliwat ka lebah dinya. "Ujang! Tong diceungceurikan waé anu maot mah da urang gé bakal maot," ceuk Si Utun daria pisan. "Uing lain nyeungceurikan nu maot, tapi nyeungceurikan nasib sorangan," jawabna. "Naha kumaha kitu?" tanya Si Utun. Gorolang si lalaki téh ngadongéng ka Si Utun.
"Ki sobat jeung uing téh dokter ahli, jangji mun maot, tetenggerna kudu dijieun saperti kaahlianana. Ahli jantung manéhna téh. Sedengkeun uing ahli penyakit kelamin," ceuk manéhna. "Atuh, jieun wé!" ceuk Si utun. Reup manéhna peureum. "Uing ngabayangkeun. Nu ziarah bakal seuseurian waktu nénjo tetengger kuburan uing," si lalaki ceurikna narikan. Gajleng Si utun luncat ka jomantara bari ngabarakatak.
No comments:
Post a Comment