Leungit poé ganti minggu, terus jadi bulan, robah jadi taun, jadi abad. Utun masih kénéh ngagolér. Teu usik henteu malik. Ukuran awakna beuki lila beuki ngagedéan. Ngajungkiring liwat saking. Gunung Tangkubanparahu katelahna.
Kérékna mimiti narikan, jumelegur. Aya haseup ngelun tina sungutna nu calawak. Sirahna kadang obah, ngoyagkeun pilemburan. Awakna ngulisik. Rurat-rérét ka sakurilingeunana. Utun kagét, laju cengkat bari gigibrig. Ngaracleng sakabéh nu napel dina awakna. "Gunung bituuuu... gunung bituuuu...!" jalma-jalma patingcorowok bari lalumpatan nyalametkeun dirina masing-masing.
No comments:
Post a Comment