Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Lalakon Lutung Kasarung (14)

"Lalaki bogoh ka awéwé, wajar. Awéwé bogoh ka lalaki, alamiah ngaranna. Lalaki bogoh ka lalaki, ngadu pedang. Awéwé bogoh ka awéwé, marais tahu", ceuk Si Utun dina acara kultum. "Kumaha mun aya nu bogoh ka sato? Onta, misalna," aya nu nyelengkeung ti juru rohangan. Ngadéngé kitu, para jama'ah sareuri.
Luk manéhna tungkul, aya nu ngalémbéréh mapay pipina. Utun rumasa boga waruga kunyuk. Teu nyangka bakal aya nu nanya modél kitu. Untung manéhna bisa ngawasa diri deui. Nyéh imut. Gorolang nuluykeun deui bahasan nu tadi.
Keur jongjon ngabandungan terusan kultum. Aya nu bébéréléan di lawang masjid. Sakur nu aya di dinya nyobaan ngusir embé bikang nu teu reureuh disada. Anéh, embé téh merong ka béh juru rohangan. "Rék naon anjeun ka dieu", Si Utun nanya. "Uing nyampeur salaki uing sabab geus dua poé teu balik", jawabna. Nu tadi nanya ngeluk tungkul. "Geura ngarit, anak sia acan nyatu!" ceuk embé bari molotot.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013