Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Lalaki Nu Nyiram

Lung leng, teu puguh rarasaan. Awak lungsé, beuteung murel hayang ongkék. Lain panyakit maag ieu mah, lain pisan! Anéhna, kana sangu jadi geuleuh, sakabéh kabeuki jadi teu hayang noél. Ka pamajikan ngadak-ngadak sebel. Ijid mun sakalieun nyuguhan gé.
"Naha Akang jiga nu ngéwa ka abdi?" hiji waktu pamajikan nanya bari ngasongkeun cikopi. "Ulah loba tatanya, keur loba pikiran," jawab kuring bari ngaléos ka kamar.
"Nyai geus dua bulan telat, nya?!" kadéngé mitoha awéwé keur ngawangkong jeung pamajikan di dapur. "Yakin ema mah, salaki manéh nu ngalaman nyiramna," ceuk mitoha. "Ih, naha tiasa kitu Ema?" pamajikan kagét. "Rusiah Pangéran éta mah!" jawab mitoha. Aya nu ahéng dina panon. Mitoha awéwé naha bet jiga Luna Maya?


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013