Naon nu dipikasieun baheula ayeuna ngabukti. Unggal nganjang ka imah mitoha, balikna pasti mawa haté nu gudawang.
Heureut pipikiran, baluweng. Aya gerentes kajeun pondok jodo. "Yang, sing sabar wé mun Ema nyarios kitu," ceuk salaki bari nangkeup. "Akang teu kaduhung ngawin abdi?" kuring nanya. Nangkeupna beuki pageuh. Geter asihna lain pupulasan.
Beurang peuting terus-terusan ngadu'a jeung ikhtiar. Orok can jol kénéh. "Gabug meureun pamajikan manéh téh, Sujang!" ceuk mitoha awéwé ka salaki. "Allah teu acan marengkeun panginten, Ma," walon salaki ampir teu kadéngé sorana.
Beuki lila beuki karasa kaceuceub mitoha. Ubarna euweuh deui iwal ti kudu méré incu ka anjeunna. Dipikir dibulak-balik, gilig. "Akang, abdi rido upami akang nikah deui," teu karasa cipanon murubut marengan haté nu rangsak. Katingali biwir salaki imut...
No comments:
Post a Comment