Aya nu keur ceuceuleuweungan ceramah luhur panggung, pada nanggap da loba bodorna. Sanagara kaubek, kukurilingan ka unggal tempat. Tara daék narima pangondang nu eusi amplopna saeutik. Aya ogé tukang mabok bari jarang shalat. Gaulna jeung fakir miskin ogé resep tutulung ka budak yatim. Hirupna basajan, pikaresepeun tatangga. "Fulus téh rajana dosa!" ceuk tukang mabok bari sosolontodan. "Insyaf, Kang! Rosul ngalarang muslim nginum arak," ceuk tukang ceramah. "Uing teu pernah ngadéngé Kangjeng Nabi dibayar mun dakwah," témbal tukang mabok. Lila ngahulengna tukang ceramah ngadéngé omongan tukang mabok. "Laa ilaha ilallah muhammadarrosulullah!" ceuk tukang mabok, kerejet, laju nyawana leupas. Arwahna meunang pangampura Pangéran. Haseup hideung ngagulung di langit, laju nyamber tukang ceramah nu keur ngitung duit.
No comments:
Post a Comment