Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

24 June 2013

Carita Waliwis Bodas

Cer getih ngucur tina beuheung nu dipancung. Awakna ngerejet sakeudeung, laju nyawana leupas. Réang nu ceurik. "Innalillahi wainnailaihi roji'uun!" méh bareng saréréa ngucapkeunana. Tuan Jansen ngajega dina panggung, neuteup seukeut sakabéh rahayat nu aya di dinya. "Anu wani-wani ngalawan ka Tuan, pasti bakal dihukum kawas Si Waliwis Bodas," ceuk manéhna.
Walanda beuki ngagalaksak. Ahmad katut anak buahna kapaksa mundur ka leuweung, nyusun stratégi. Latihan perang gerilya beuki ditingkatkeun. Imron, Musa. Ayub, jeung Ratna dipanggil ku Kaptén Ahmad. "Waliwis Bodas kudu operasi deui. Imron, énté ditugaskeun mérésan Si Jansen. Sedengkeun nu séjénna bagéan ngancurkeun barak jeung balatentara Walanda," kitu paréntahna.
Biur pasukan sandi-yudha indit ngajugjug barak Walanda di dayeuh. Opat Waliwis Bodas nyusup ka tangsi éstu rikip pisan. Dessss, peureup Imron ngahanca gado Kolonél Jansen nu keur nodongkeun péstol, harita kénéh nambru. "Ampuuun...!" manéhna lumengis. Sret, ngan sakilat Si Lenyap ngahakan beuheung Si Jansen.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013