Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

23 June 2013

ANTARA SOFA JEUNG MARWAH

Awak ramohpoy. Ngalahirkeun bari euweuh nu mantuan. Tanaga ampir béak. Anakna nu karék diborojolkeun ceurik waé, hayang nyusu. Reup peureum. Aya nu ngagenclang tina panon, ngamalir mapay pipi. 
Susu teu bijil sabab manéhna gé geus dua poé henteu nginum. Onta bikang nu biasa maturan, indit duka kamana. "For my baby, ané kudu néangan cai!" gerentesna bari jung nangtung. Anéh, karasa aya tanaga nu ngamalir dina warugana. 
Jumarigjeug ngaléngkah nuju bukit Marwah. Enya, katingalina jiga aya cai di dinya. Unggal léngkah mawa harepan. Nepi ka Marwah, cai euweuh, bréh di bukit Sofa katingali jiga aya cai. Gura-giru balik deui ka Sofa, bulak balik nepi ka tujuh kali. 
Manéhna ngalungsar. Anakna kasampak keur ceurik bari sukuna tétéjéh kana lemah. Reuwas barang ningali aya cai nu ngalémbéréh tina urut suku budak. "What happen?" manéhna nyorowok bari terus nyampeurkeun budak. "Alhamdulillah... zam-zim-zam-zim-zam-zim," bari ngumpulkeun cai. Halabhab jeung lapar leungit ku barokahna cai mukjizat.




No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013