Joejoe noe koekoena parandjang, kapaksa ditjeprét. Ari Oedjang mah didjenggoet da bongan males ditjoekoer. Maman, Mimin, djeung Moemoen mah saralamet. Aratoh da teu meunang hoekeoman kawas kamarina. Ngarangkénék arasoep ka kelasna bari ngadjebian Oedjang djeung Joejeo.
Keuheul tjampoer ambek minoehan haté. Oedjang roending djeung Joejeo hajang males. "Entong ajeuna, bahaja!" haréwos Joejoe. "Réa tjara noe lantip. Ingkeun heula sina galoembira," toeloejna. "Nja atoeh koemaha manéh wé," walon Oedjang. Goetroet naroelis deui tjatetan.
Soréna, baroedak lalaki ngalabring. Aroelin di wahangan, ngadon ngarodjaj. Kabéh tarandjang. Oedjang ngadjak Joejoe ka landeuhkeun. Lila pisan. Aranteng.
“Deuh, naon ieu?” Maman djeung Moemoen rareuwaseun. Aja noe konéng. Sirahna pinoeh koe noe baoe. “Andjiiiir…! Roentah beuteung geuning…!”
No comments:
Post a Comment