Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

08 May 2014

Bom Waktu

Parab ngaleuya. Awur-awuran teu puguh. Récét maracokan, nyaratu babarengan. Anu kerep macokna, beuteungna barungkiang.
Peuting kukurilingan kawas nu gering. Obat kuat dianggap jimat keur ngudag-ngudag ni'mat, dibekel ngarah si éta angger besekel. Lélétak dina leutak buyatak. Indit magrib mulang beurang. Taya kacapé jauh ka lungsé. Imah salin rupa jadi terminal, ka anak-pamajikan jadi bengal. Kakawasaan jeung jabatan disembah. Ustad asalna, kalakuan badis bangsat.  Sorban jeung kopéah ngan saukur hiasan.
"Saya akan membangun daérah ini andai terpilih!" gorowokna. "Enam puluh persén gaji saya tiap bulan disumbangkan buat fakir-miskin!" jangjina. Nomer urut maranéhna pada nyolok, pada nojos. Ampir sataun nu pernah jangji teu pernah némbongan deui. "Yang kalian jangjikan, tak pernah teréalisasi..!" nu darémo gogorowokan. Aya nu neundeun bom waktu di unggal rohangan. Ngabeledug ngancurkeun gedong déwan.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013