Kabungbulengan ku Néng Titin. Awak ngadadak ngorotan. Barangdahar teu mirasa. Opat poé opat peuting teu bisa saré. Gulang-guling ngagugulung guguling nepi ka galingging panas tiris. "Omat, kudu keyeng ngawiridkeunana!" ceuk Bah Karta basa ngawaris jampé pélétna. Henteu mungpang kana papatah, sagalana dilakonan kalayan daria naker.
Bogoh katotoloyoh téh aya hasilna. Anéh bin ajaib Si Manéhna ngadon nyampeurkeun ka imah. "Titin émut waé ka Akang...!" pokna teu basa-basi heula. "Ulah waka hudang! Rarasakeun sing nepi ka jadi kanyataan," aya haréwos kana ceuli.
No comments:
Post a Comment