Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

04 March 2014

Sajak keur Anjeun

Peuting sepi jempling, simpé. Angin ngahiliwir mawa haréwos kasono. Rus-ras ka mangsa lawas. Anjeun nu pernah ngancik dina ati. Wanoja impian sakabéh nonoman. Ayeuna duka di mana, duka ka mana. Ngiles taya laratan.
Geter katresna masih nganteng. Enya, ngan keur anjeun. Ulah disaha-saha mun rasa sono nepi ka dinya! Lain rék sakali. Istuning rék unggal waktu. Sésakeun tempatna keur kuring.
Tuh dina batu aya kénéh dua ngaran. Encan leungit. Urang pernah jangji. Rék silih pikacinta. Embung papisah. Ukiranana kalimpudan lukut. Haleungheum balas kakeueum.
Papastén tumiba, cinta urang teu bisa lana. Anjeun dijodokeun. Najan beurat, kapaksa kudu papisah. Jodo, pati, bagja, jeung cilaka geus aya nu ngatur. Aya rusiah nu karék kabuka. Lain ti sasaha. Urang téh geuning dulur sabapa..!


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013