Kasatpol PéPé ngumpulkeun anak buahna. Aratoh. Rajia hartina piduiteun. Asal bisa ngulinkeun aturan, saku bakal metet. Jlung-jleng ngungudag baramaén jeung galandangan, ditéwakan hiji-hiji. "Ieu mah pendatang anyar," ceuk salah saurang patugas bari nungtun aki-aki nu api-api lolong. "Ampuuuun, Pa...!" pokna bari ngeleper.
Dasim ogé kajaring. Ingkud palsuna teu bisa nipu. "Naha kuring ditéwak?" tanyana héran. "Anjeun geus ngalanggar Perda nomer 17c soal ketertiban umum," jawabna teugeug.
Mobil patroli metet ku gépéng. Aralum. Loba ogé nu haharéwosan, adu-tawar jeung patugas. "Embung sakitu mah!" nyentak. "Mung sakieu ayana, Pa!" pokna bari ngirim és ém és ka koordinatorna.
Musawarah jadi mufakat, koordinator balik bari ngerid asuhanana. Itu-ieu sugema. Najan kaluar duit, teu jadi masalah. Gampang ngalana deui. Gaurna motor koordinator nyésakeun haseup nu ngelun ka luhur, ngabentuk tulisan. Uang adalah segalanya!
No comments:
Post a Comment