Mang Juha jeung Bi Jumsih satékah polah ngabantu. Enung angger hésé jodona. Ukur kembangna. Nu ngalamar marulang deui. Ajengan, dukun, jeung paranormal pernah dipéntaan tulung. Ngeplos kabéh. Garideug, teu sanggupeun nulungan.
Dosa naon atuh aing téh, gerentes haté Enung. Ingetanna kumalayang ka mangsa tukang. Unggal réngkakna diputer deui. Kapanggih.
"Diuk téh ulah bari ngahalangan jalan!" ceuk Bi Jumsih. "Indung téh meni céréwéd," laju ngajéngkat. "Nyai, pamali éta téh," indungna ngélingan. "Ah, paduli teuing!" jawabna.
Lila ngahuleng. Aing kudu ménta hampura ka indung, haténa norowéco. Wanci isa karék bérés pagawéanana. Aya harepan di jero dadana. Ngagedig balik. Gilig rék ménta dihampura ka indungna.
Pakarangan imah asa hégar. Anéh. Nyambuang seuseungitan duka ti mana datangna. Tatangkalan pating garupay, ngabagéakeun. Oray siluman nu salila ieu napel dina tonggongna lalaunan ngoléséd, ngereles.
No comments:
Post a Comment