Komplék makam heurin, pinuh ku nu nganteur panungtungan. Euweuh nu teu ngucurkeun cimata. "Ujé, pileuleuyan!" kadéngé dina sela inghakna masing-masing. Réwuan rasa pagaliwota dina dada.
Nu haladir talakbir, héran. Geuwat taranggah ka langit. Untuyan méga ngawangun jirim jalma nu keur ngadu'a. Reup, panonpoé nyumput. Euweuh nu nyoara. Bray langit lénglang deui. Katingali jutaan widadari patinggarupay. Enya geuning meni gareulis taya tanding. Ucang anggé dina méga bari ngariung sukma almarhum. Nu nganteur patingcorowok, harayang gancang maraot.
No comments:
Post a Comment