Kamari, katingali manéhna miluan shalat berjama'ah di masjid, shalatna meni khusyu pisan. Henteu eureun-eureun dzikir sabérésna shalat. Omongan jalma rupa-rupa, aya nu atoh, aya oge nu jebi. "Teu percaya déwék mah si éta insap," ceuk salah saurang tatanggana ka nu séjén. "Ih, ulah kitu! Manusa mah bisa salah jeung bisa bener," salah saurang kokolot ngélingan ka nu keur uplek ngupat. Aya béwara ti masjid yén si manéhna maot ngadadak waktu keur shalat shubuh berjama'ah. Hiliwir aya angin nu seungitna nyambuang tina awak manéhna ka saantéro jagat...
27 June 2013
Khusnul Khotimah
Kasohor tukang bobok, tukang mabok, tukang tarok, jeung tukang mukakeun anderok. Hésé diéléhkeunana dina bab tarung patutunggalan atawa dirempug ogé. Unggal jalma ngarasa gigis mun sakalieun panggih jeung manéhna. Sakur nu pernah béntrok jeung manéhna taya nu walagri, mun teu paéh nya caracad awakna. Naon waé kahayangna kudu digugu. Ulah wani-wani baha atawa nangtang. Lapur tah umur!
Kamari, katingali manéhna miluan shalat berjama'ah di masjid, shalatna meni khusyu pisan. Henteu eureun-eureun dzikir sabérésna shalat. Omongan jalma rupa-rupa, aya nu atoh, aya oge nu jebi. "Teu percaya déwék mah si éta insap," ceuk salah saurang tatanggana ka nu séjén. "Ih, ulah kitu! Manusa mah bisa salah jeung bisa bener," salah saurang kokolot ngélingan ka nu keur uplek ngupat. Aya béwara ti masjid yén si manéhna maot ngadadak waktu keur shalat shubuh berjama'ah. Hiliwir aya angin nu seungitna nyambuang tina awak manéhna ka saantéro jagat...
Kamari, katingali manéhna miluan shalat berjama'ah di masjid, shalatna meni khusyu pisan. Henteu eureun-eureun dzikir sabérésna shalat. Omongan jalma rupa-rupa, aya nu atoh, aya oge nu jebi. "Teu percaya déwék mah si éta insap," ceuk salah saurang tatanggana ka nu séjén. "Ih, ulah kitu! Manusa mah bisa salah jeung bisa bener," salah saurang kokolot ngélingan ka nu keur uplek ngupat. Aya béwara ti masjid yén si manéhna maot ngadadak waktu keur shalat shubuh berjama'ah. Hiliwir aya angin nu seungitna nyambuang tina awak manéhna ka saantéro jagat...
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment