Laleur héjo ngagimbung, aranakan dina bangké lauk. Utey bilatung. Ting arutek. Ungked-ungkedan maraju. Neuteup seukeut ka nu maéhan lauk. Gutak-gitek jiga biduan dangdut.
Kocéak nu maéhan lauk ngajerit maratan langit. Awakna digembrong bilatung. Sar sup ka saban liang. "Ampuuuun!!!" manéhna nyorowok. Ragég sora bilatung nyetrokan daging jeung tulang manéhna. Utun teu bisa nulungan. Nyakséni hukum karma nu keur lumangsung. "Gaiiiik... gaiiiik... gaik..!" nu keur digembrong bilatung robah sorana.
No comments:
Post a Comment