Lila-lila parahu ngaléngléong. Utah uger kabéh panumpangna. Taya harepan bakal salamet. Utun nu keur jongjon cindekul luhureun batu, kagét. Nénjo loba nyawa nu keur kaancam, manéhna henteu cicing. Gajleng luncat, lumpat luhureun umpalan cai, ngudag nu palid.
Kakuatan alam mungguh lain lawaneun. Angin ngaguruh marengan gulidagna caah nu rohaka. Sakur nu kaliwatan, euweuh nu manggapulia. Ancur sapisan. Rarungkad. Utun ngarawél parahu, laju diangkat, dipanggul dibawa ka darat. "Nuhuuuun Utuuuuun....!" réang. Guludug patémbalan di jomantara miluan suka bungah.
No comments:
Post a Comment