Lebakeun Batu Kuda, aya nu keur jongjon diuk dina pucuk tangkal camara. Ucang anggé. Teu aya kasieun sakitu tangkalna jangkung. Utun ngajentul. Neuteup bulan nu ngagantung. Girimis peuting mimiti datang marengan simpé.
Kuniang manéhna cengkat, babatek. Awak asa carangkeul. Saratus taun teu ingkah ti dinya. Aya nu béda. Rarobah. Unggal tempat pinuh ku wangunan. Ngalampar. Gunung ngan kari ngaranna.
No comments:
Post a Comment