Geus teu anéh narima panghina. "Entong daék ulin jeung si éta, sok mawa sial!" remen ngadéngé indung-indungna babaturan nyarék. Unggal aya riungan, ngadadak bubar mun disampeurkeun. Naon dosa téh?
Indung teu pernah betus mun ditanya sababna. Naha bet jiga nu arijid? Gideug, bari rambay cisoca.
Indung teu pernah betus mun ditanya sababna. Naha bet jiga nu arijid? Gideug, bari rambay cisoca.
Beuki gedé beuki ngarti. Aing kudu néangan Si Bapa! Patékadan geus buleud. Ayeuna waktuna!
Keur anteng ngalamun di pipir masigit. Ujug-ujug aya cahaya bodas nyamber awak. Reketek, asa dibeungkeut laju dibawa ngapung. Ingetan mabur duka kamana. "Naha aya di dieu?" kagét barang sadar aya di tempat ahéng. Geuwat cengkat, panon ngulincer ka sakuriling bungking.
"Radén, hiap ka dieu!" hiji sora nyalukan. Astaghfirullah! Jalma kasép nu diuk dina korsi gading ngagupay. "Anjeun téh anak kula, ti wangkid ayeuna kudu maké makuta ieu!" ceuk éta jalma bari masangkeun kana sirah.
Jalma-jalma lalumpatan. "Itu aya oray naga asup ka lembur!" patingcorowok bari tutunjuk. Naha jadi kieu?
No comments:
Post a Comment