Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Pager Ageung

Palebah jalan ieu pisan anjeun sok ngarandeg heula mun pareng ngaliwat. Aya geter goib nu nungtun panon anjeun kudu neuteup anteb hiji wangunan kuno lebah péngkolan. Gedong sigrong nu geus suwung pangeusina. Enya, suwung sagalana tapi tetep sok minuhan dada nu dumadakan ngahégak. Rusiah urang duaan!
Anjeun nu kiwari teu pernah béda jeung bihari. Geulis kénéh. Enya, anjeun angger geulis jiga baheula. Unggal ngaliwat bari nungtun budak awéwé, ngahaja neuteup kuring maké rasa. "Néng, tah di dinya makam Ayah Enéng téh!" ceuk anjeun bari ngusapan sirah budak. Girimis mimiti pras-pris marengan cipanon anjeun nu ngalémbéréh mapay pipi nu angger kénéh limit, jiga baheula.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013