"Langsung ngarumpul di béh kénca ka sakumna lalaki nu sieun ku pamajikan!" ceuk saurang malaikat di Padang Mahsyar. Umat SUSIS ngabereyek ka kénca. Teu kaitung. Untuyan lalaki ngabaris rék ngumpul ka nu ditunjuk. Ningali kitu, malaikat gogodeg. Géhél sugan mah manusa téh, gerentes malaikat nu tadi nitah.
Katingali ayeuna mah. Ampir kabéh salaki sarieun ku pamajikanana di alam dunya. Saha nu nyangka pangkat persidén waé sieuneun geuning. Anéh. Rupana, aya saurang lalaki nu cicing di béh katuhu. Utun ngaranna. "Naha anjeun teu pindah?" tanya malaikat panasaran. "Gusti, uing dipiwarang pun bojo ulah miluan pindah ka kénca," jawabna bari tungkul.
No comments:
Post a Comment