Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Lalakon Lutung Kasarung (11)

Leuwih ti dalapan jam diinterogasi. Awakna karasa nyareri, urut panyiksa. Lebah tarangna karasa nyanyautan, getih ngaley ti dinya. Aya tatu molongo, tapak pélor. Kuniang hudang, jumarigjeug. Ongkék. Nu kaluar pélor dua belas siki.
Lieuk manéhna ka tukang waktu aya nu nyebut ngaranna, awéwé séksi tapi sadis, Xenia Onatopp. "Utun Bond 007, hudang manéh!" pokna. Teu lila, aya nu datang ka rohangan panyiksa, Jéndral Ourumov. Utun nyéréngéh. "Naha ngadon seuri, kéhéd?" sentak si jéndral. "GoldenEye geus ngahiji jeung awak aing, silaing moal becus ngagunakeunana!" jawab Si Utun teuneung.
Kerewek buntut Si Utun aya nu ngagunyeng, dilieuk. "Aléc Trévelyan? Silaing biluk ka musuh?" kagét waktu ningali sobatna aya di dinya. Aléc ngadon nyakakak. Réang nu seuseurian. Utun peureum, museurkeun kakuatan buntutna nu ngadalikeun satelit GoldenEye. Ngan butuh waktu samenit, rohangan ngabeledug. Gararing jaradi areng.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013