Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

01 April 2013

Balik Deui Ka Jaman Orde Baru

Bébéém karék direncanakeun naék. Ari harga-harga geus nararékél, narikel. Lieur keur rahayat leutik. Ibu-ibu rumah tangga patingjarerit. Kabutuhan sapopoé mingkin susah dibeulina.
Démo di mamana. "Enya kitu ngabéla rahayat maranéhna téh? Usul bari ngaruksak fasilitas kaasup perjuangan? Iraha rahayat rék sejahtera?" pananya tingpucunghul ti unggal sungut.
Kuburan Soeharto bitu, ngeundeurkeun jagat. Aya haseup warna-warni kaluar, mumbul ka langit laju nyirorot kana lemah.
Jleg..! Almarhum hudang deui. Manéhna imut."Aing Soeharto! Nu bakal mémérés deui nagara," ceuk manéhna, laju ngabelesat nuju Jakarta.
Opat puluh poé nagara 'diambil alih' ku manéhna. Rahayat ngarasa reugreug. Démo areureun sorangan. Euweuh deui nu protés sabab sagala kabutuhan hirup kacumponan.
"Baheula kuring salah. Ayeuna geus dioméan. Runtah nagara geus dipiceunan. Ulah balik deui jiga jaman réformasi!" ceuk Soeharto dina amanat panungtungna saméméh ngahiang.



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013